Postingan

Menampilkan postingan dari Februari, 2023

KAJIAN KITAB DARDIR ALA QISHOTIL ISRO WAL MI'ROJ LISYAIKHI NAJMUDDIN AL- GHAITHI

Pambukaan  bismilaahi rohmaanir rohim alhamdulillaah washolatu 'ala rosulillah Ama Ba'du  Bismilah anu janten sekar  pangjajap, salaksa pedar panutur sarebu catur, pangambah aworna kedal. Dipirig ku lapad Alhamdu, anu janten panundung rambu takabur, pangusir sirik munapik anu salamina ngahalangan jorelatna teja Al-Quran dina manah. Saterasna Jisim Kuring Nami Mang Nunu Bade sakedik ngababarkeun Naon anu jadi perjalanan Isra Mi'raj na kangjeng nabi, Nu tiap tahun na ku urang sok emut². Mudah mudahan Ngajantenken manfaat Khususna kangge abdi, umumna kangge sadayana Nu maca Kana ieu tulisan :    MALAIKAT NYUCIKEUN HATE NABI SAW Dina hiji waktos Kanjeng Nabi saw nuju di Hijir Ismail, nuju "turon miring", halna nuju gegelehean, dihapit ku dua pameget, nyaeta sayid Hamzah sareng syekh Ja'far. Tetkala muntojian (turon miring), sumping Malaikat Jibril, Malaikat Mingka'il sareng malaikat nu sanesna, mangka nyandak Malaikat Jibril, Malaikat Mingkail sareng nu s...